Minggu, 24 Juni 2012

SA'IR SUNDA

Neda maap kasadaya wargi
Ka pameget rawuh istri
Leu suluk dijieun sair
Sugan kasasar ku pikir

Carita kitab anu ditukil
Nyokot misil nu jadi hasil
Ieu jaman parantos ahir
Bakal maot kudu dipikir

Ulah atoh ku loba duit
Lain duit pati hurip
Raoskeun mun datang sakit
Sakumaha lobana duit

Ari diri saperti kembang
Di dunya pikir kumambang
Malati di pingging lombang
Geus ligar murag ka lombang

Poe ieu bisa leumpang
Poe isuk can kawangwang
poe ieu urang senang
Isukan mah biheung mulang

Kembang malati rupana bodas
Sedep seungit sajeroning ati
Sok bimbang mikiran diri
Kumaha isuk nepi ka janji

Nu kasebat enggeus yakin
Rasa dua ngangin-ngangin
Karaos hirup jeung mati

Gusti Allah wajib ayana
Euweuh dina ayana
Geura tareangan dzatna
Engke harti sadayana

Dua puluh sipatna pangeran
Dzatna kudu teangan
Sangkan ulah kabingungan
Kakat diri soarangan

Wali turutaneun urang
Ulah salah tekad urang
Ulah ngaganggu nu ngalarang
Eta teh omongan baruwang

Ulah iman ka barang ruksak
Qur'anul adim sing kapendak
Ulah eureun memeh mendak
Ulah kawas ngaji budak

Ulah katungkul ku dunya
Teangan elmu sampurna
napsu mah taya putusna
karasa dina pupusna

Kapir lain walanda cina
Kapir teh nu jahat atina
Nu ngumbar bae napsuna
Kanu goreng taya pegatna

Halan jahat mah babri
Jalan hade rasana nyeri
Elmu teh kudu pilari
Nuduhkeun jalan lastari

Sing isin ku nu kawasa
Nu bareng henteu papisah
Eta nu murba kawasa
Terang ka sagala dosa

Malikan malati tadi
Resp kanu beresih ati
Amis budi carita ilmi
Matak narik manah resmi

Mudu madi cai bu suci
Lain cai ngala ti kali
Cai suci di jero ati
Cai suci matak beresih

Teangan di badan urang
Aya cai bening nya herang
Mudu nanjak gunung larang
Kunci larang alam padang

Meungpeung hirup kudu guguru
Sangkan salamet di ditu
Laku lampah kudu jeung ilmu
lahir batin gampang katimu

Teangan kubur nu tangtu
Lain kubur tutup batu
Kubur hirup di jero kalbu
Nyaeta sipatna elmu

Poek ati poek bulan
Poek bulan poek iman
Lain caang caang bulan
Da lain caangna iman

Paribasa tetepkeun iman
tetepna dimana kutan
Nyaho ge iman teu acan
Da lain caangna bulan

Ngaji teh ulah ngajibris
Mun ngaji mudu ngajinis
Ngaji badan masing tapis
Ma'na qu'an lapis-lapis

Bisa ngaji ulah kumaki
Mun tacan isbat jeung napi
Dalil qur'an kudu harti
Jauh keneh kana tepi

Euweuh deui sipat hirup
Anging dat Allah nu cukup
Masing ngarti urang hirup
Mun harti ngelmuna cukup

Ulah hirup nya hirup urang
Nuduh Allah di Awang-awang
Nu kitu jalma badawang
Kahakanana bugang

Allah ningali ka urang
Urang ningal hirup urang
Panon teh dipipinding terang
Manahan ku ahli ngarang

Sembahyang kudu husu
Mudu tutup sakabeh napsu
Napsu opat ulah metu
Lain solat nangtung kitu

Allahu Akbar kudu ta'jim
Mudu sidik ka alam batin
Lain beurang lain peuting
Lalangse beureum jeung kuning

geus euweuh wujud kaula
Didinya naon nu aya
Lain akbar kapala mata
Akbar anu sajatina

Kaula geus henteu aya
Ganti,Pangeran nu aya
Nyebut aya teu ngarasa
Manahan ku ahli rasa

Sair waca senengna pikir
Mun lepat mangga dipungkir
Wantu wantu kecap sair
Sabijina tina pikir

Ieu sair urang tutup
geus wengi urang arasup
Seungit malati geus kaambu
Kulambu geura pek ringkup


6 komentar: