Rabu, 06 Juni 2012

Asal Ti Allah Kudu Balik Deui Ka Allah Ta'ala.

Kusabab kitu tangtu sarerea oge meureun pada bingung keneh,pada-pada percaya oge,lantaran urang pada teu ngarasa tdi inditna ti Allah,turunna ka Alam dunya,tapi kusabab dalilna kitu,gancang bae ngaku yen urang asal ti Allah,tapi ngakuna teh sasemat biwir bae,kapaksa ngaku soteh sieun disebutkeun kufur kafir karana henteu oercaya kana dalil,tapi atina mah keukeuh poek teu kaharti ku sabab teu karasa,kusabab eta ayeuna pribados arek mere panerangan saeutik,malah mandar tiasa percanteun sareng karaosna,urang tadi asal ti Allah,kieu katerangannana,urang papay ti handap ka luhur supaya kaharti  ku akal.

Mimiti urang tumarima asal ti mana?-Nu kaharti jeung ku umum,urang asal kaluar teh ti Indung
Teruskeun deui papay ka luhurna,arti Indung asalna ti mana?Tangtu Indung urang teh kaluar ti Nini
Ari Nini asalna ti mana? Teu salah deui asal kaluat ti Buyut
Ari Buyut asal ti mana?Tangtu kaluarna ti Bao
Ari Bao asalna timana?Nya asalna kaluar ti Janggawareng
Ari Janggawareng asal ti mana? Tangtu kaluar ti Udeg-udeg
Ari Udeg-udeg asl ti mana? Tangtu asalna kaluar ti kakait Siwur,saterusna kitu bae,ti Indungna deui,ti Indungna deui nepi ka Babu Hawa
Ari Babu Hawa asal ti mana? Ku sakaol ceuk hadist asalna Babu Hawa teh asal tina Iga Burungna Nabi Adam
Ari Nabi Adam asal ti mana? Diterangkeun ku hadist,asalna Nabi Adam tina Aci Bumi-Seuneu,Cai,Angin

Ari Nabi Adam asal ti mana? Diterangkeun ku hadist asalna tina Nur Muhammad,Cahya opat perkara :

1.Cahya Hideung hakekatna Bumi
2.Cahya Bodas hakekatna Cai
3.Cahya Koneng hakekatna Angin
4.Cahya Beureum hakekatna Seuneu

Ari Nur Muhammad asal ti mana?Eta oge diterangkeun ku hadist asalna tina Nurna Maha Susi,nyaeta tina Jauhar Awwal,tah semet eta buntu,sabab geus diterangkeun ku hadist jeung Qur'an,eta Jauhar Awwal teh bibitna Tujuh Bumi,Tujuh Langit,saweuruh eusina kabeh.

Jadi,ana kitu ceuk dalil asal ti Allah nyaeta asal ti dinya tina Jauhar Awwal tea,Sifatna Caang Padang,nyaeta gulungan Dzat jeung Sifatna Maha Suci,kakara jeneng Asma Allah.

1.Cahya Beureum jadi hakekat Lafad Alif
2.Cahya Koneng jadi hakekat Lafad Lam Awal
3.Cahya Bodas jadi hakekat Lafad Lam akhir
4.Cahya Hideung jadi hakekat Lafad He
5.Jauhar Awal jadi hakekatna Tasjid

Kitu katerangannana,jadi eta Cahya nu kasebut di luhur teh anu di sebut Ismudzat tea,hartina Dzat laisa kamishlihi atawa Asmana nu Maha Sui,ceuk anu ahli Padzikiran mah Latifah tea,tah engke teh kudu bisa balik deui ka dinya,nu matak kacida wajib dikanyaohkeunnana ti ayeuna.

Geura susul tarekatna anu bisa miceun hijabna atawa pipindingna anu jadi moekan kana eta Dzat Sifatna Allah Ta'ala,sing kapanggih jeung hakekatna Tasjid Muhammad,anu aya dina wujud pribadi,tah eta kunci Muhammad anu bakal bisa ngagubrak-abrik hijabna ka Allah Ta'ala.

Upama kapanggih Insaya Allah tangtu urang bisa nyumponan kan babasan Mulih ka Jati,pulang ka asal,nyaeta mulih ka jati teh,rasa jasmani anu ayeuna keur dipake balik deui kana rasa tadi keur waktu aya dina Nurullah[Jauhar Awwal].Ari pulang ka asal nyaeta jasmanina ngjadi asalna deui,nyaeta ngajadi Nur Muhammad,Cahya Opat rupa deui,beureum,Koneng,Bodas,Hideung,samangsa-mangsa balik ka asal,nya ngaranna sampurna,hartina beak beresih beak rasana beak jasmanina.

Ku :
Mama Guru
Ujang Guru
Hak Cipta Milik Allah Ta'ala

Tidak ada komentar:

Posting Komentar