Rabu, 06 Juni 2012

Jalan-jalanna Ma'rifat ka Allah Ta'ala

Ari jalan-jalanna Ma'rifat ka Allah Ta'ala nyaeta aya dua jalan,aya nu ti handap ka luhur,jeung aya nu ti luhur ka handap.

Ari anu tihandap ka luhur,nyaeta anu masantren heula,ngaji kitab Al-Qur'an jeung terus ngalakonan ibadahna rukun  anu Lima perkara,tah anu kitu teh ibadah keur jalan ma'rifat ka Allah Ta'ala,tapi hanjakal lolobana mah tara ditepikeun kana ma'rifatna,lantaran kaburu betah,kaburu ngeunah dina asma,tegesna geus ngarasa ni'mat dina Pal Nunjukna[papan merk nu nuduhkeun tempat],padahal upama diteruskeun ma'rifat kana Dzatna Sifatna Allah Ta'ala,piraku teu undak kani'matannana,da gening karek dina asmana wungkul geus sakitu kani'matannana.

Ari jalan anu ti luhur ka handap, nyaeta anu nyumponan dalil tadi Awwalu dinni ma'rifatullahi ta'ala,jalanna lain tina masantren wungkul,tapi kedah jeung ngisat diri nyaeta kudu daek tirakat,kalawan jeung ikhtiar neangan pigurueunnana,guru anu Mursyid,sabab moal weruh tanpa guru,ku sabab eta mana ku urang kudu disusul?Teu aya deui lian ti tarekatna Wali nu kudu disusul,sabab eta anu bisa tepi ma'rifat kana sifatna Allah Ta'ala nu kasebut Jauhar Awwal tea,nyaeta hakekatna Muhammad tea,da piraku teu aya leleberannana pikeun urang sarerea,sababna tadi oge para Wali pangna sakitu poharana tatapa teh pikeun ngabela umat-umatna Rasulullah supaya bisa baralik deui ka Allah Ta'ala.

Kusabab kitu atuh hayu urang pada teangan ku sarerea eta tarekat Wali teh,sabab upama teu buru-buru kapanggih,tangtu urang moal barisa balik deui ka asal,pasti nyawa urang engke bakal marakayangan atawa nitis-nitisa,balik deui ka dunya kana barang anu keuna ku rusak deui,moal bisa nyumponan kana dalil :

''Inna Lillahi Wa Inna Ilaihi Raji'uun"

Tidak ada komentar:

Posting Komentar