Sabtu, 02 Juni 2012

Nyundakeun Urang Sunda Ngarti Hartina Sunda

By Gentra Kang Rangga in Gentra Pajajaran

Teu saeutik urang sunda anu teu acan manggih hartina Sunda,kumaha mimitana,naon sababna disebut Sunda,jeung teu sadar yen ngaran Sunda teh sabenerna mah ayeuna geus leungit deui.Can aya kacaritakeun inohong Sunda anu kabeuratan ku leungitna ngaran wewengkon Sunda atawa Pasundan.Malah nepikeun ka ahli sajarah Sunda oge lolobana lamun nulis buku anu eusina sajarah di wewengkon Sunde make judul Sajarah Jawa Barat,sedengkeun anu kasebut Jawa Barat mah henteu ngawakilkeun Tatar Sunda sagemblengna.

Ieu tulisan teu aya maksud pikeun mangaruhan NKRI,tapi sabalikna pikeun nguatkeun NKRI kudu aya rasa silih ajenan jeung silih hormat ka indentitas masing-masing.Loba urang Sunda nu ngarasa diteungteuinganan ku leungitna ngarana Sunda Kalapa nu pernah ngadeg leuwih ti 10 abad lamina,lamun teu percaya bisa dicobaa,misalna rek indit ka Jakarta aya nu nanya''Bade kamana?''lamun di jawab ''Bade ke Sunda Kalapa'',tangtu bae anu nya teh bakal rungah -ringeuh atawa kerung.

Nujadi masalah dina tulisan ieu lain nanaon,tapi perkara jati diri jeung eksistensi urang Sunda.Memang ngarasa teu mernah aya etnis,aya budaya,aya bahasa tapi teu boga wewengkon sacara de jure.

ASAL USUL NGARAN SUNDA

Ngenaan ngaran Sunda sacara administratif teu aya hubunganna jeung terminologi geografis anu disebut Greater Sunda(Sumatra,Jawa,Kalimantan,Sulawesi)jeung Lesser Sunda(Bali,NTB,NTT),ngan nu jelas mah nurutkeun sajarah,mimiti ayana ngaran Sunda anu aya patalina jeung ngaran tempat nyaeta sabada perkawis  pindahna puseur Karajaan Tarumanagara ku Sang Purnawarman(Raja katilu Tarumanagara)ti Jayasingapura(Jasinga)ka dayeuh anyar nu dibere ngaran Sundapura,hartina kota Sunda,sedengkeun ngaran Sunda sorangan asalna tina bahasa Sansekerta Sudha nu pihartieunnana beresih,herang,murni,aya oge nu ngahartikeun Cahaya atawa Cai,eta kajadian teh di ahir abad kaopat,anu dijieun dayeuh anyar tempatna lewih ka palebah kaler batan dayeuh Heubeul ngadekeutan basisir,anu aya aliran Walangan Gomati jeung Chandrabhaga(Prasasti Tugu,Cilincing).Saterusna Sang Purnawarman nyieun palabuan,ceuk dina sajarah mah nyieun palabuhan teh ti 15 Desember 398 nepikeun ka 11 Nopember 399 Masehi,jigana eta palanuan teh saterusna nu disebut Sunda Kalapa tea,eta ngaran Sunda Kalapa oge ti saprak diganti ngarana jadi Batavia ku Walanda teu balik deui,malah nu saterusna diganti jadai Jayakarta jeung Jakarta nepikeun ka kiwari.

SUNDA JADI NGARAN KARAJAAN

Taun 699Masehi Tarusbawa ngadeg jadi Raja ngaganti mitohana Sang Maharaja Linggawarman,Raja ka -12 tarumanagara,aya dua kajadian anu penting dina sajarah Sunda,Kahiji Tarusbawa ngaganti ngaran karajaan Tarumanaga jadi Sunda Sembawa,hartina tanah Kabuyutan(ngaran tanah leluhur).Kadua mindahkeun dayeuh ti Sundapura ka wewengkon pagunungan,mun ayeuna nu disebut wewengkon Pakuan,di dayeuh anyar manehna ngawangun Lima Karaton nu ukuran jeung bentukna sarua dijajarkeun.Masing-masing karaton dibere ngaran Sri Bima,Punta,Narayana,Madura jeung Suradipati.Timimiti harita Sunda eksis jadi ngaran karajaan,sedengkeun dayeuh anyar tempat ngadegna Lima Karaton anu ngajajar jadi Purwa Daksi ngaran Pajajaran.

SUNDA JADI NGARAN ETNIS

Can aya referensi anu jelas ngenaan iraha mimitina disebut etnis Sunda.Tapi lamun nalungtik sajarah katukang,jiganamah dimimitina ku ngadegna Sunda Sembawa,sejarah sebutan etnis Sunda nurutkeun panyawangan prosesna teu jauh beda jeung ngadegna Karajaan Sunda,ngan bedana lamun sebutan Karajaan Sunda aya proses waktu anu tangtu ngukuhkeun ngaran ku Tarusbawa,sedengkeun sebutan ngaran etnis Sunda sacara alami.Jadi memang rada hese nangtukeun titik kawitanna,lantaran aya patula patalina jeung khas budaya,adat istiadat,bahasa jsb.(jeung sajabana).

WEWENGKON SUNDA

Loba anu nganggap yen wewengkon Sunda identik jeung wewengkon Jawa Barat baheula samemeh pisah jeung Banten,eta anggapan teh kaliru lantaran anu kasebut Jawa Barat mah nyaeta wewengkon anyar anu dijieun henteu nurutkeun indentitas etnis tapi nurutkeun Undang-undang no.11 taun 1950.

Batas wewengkon Tatar Sunda palebah kaler,kidul jeung kulon mah teu hese maluruh lantaran sakurilingna basisir,ngan palebah wetan kudu ditalungtik dina sajarah sabab batas Jawa Barat lain batas wewengkon tatar Sunda.

Aya sabaraha katerangan ngenaan wewengkon Sunda nu bisa keneh dipaluruh diantarana katerangan sajarah''Tragedi Bubat'',perjalanan Bujangga Manik jeung waktu ngadegna Prabu Gesan Ulun waktu dilantik jadi Nalendra ahli waris Pajajaran.

Tempat kajadian gugurna Raja Sunda Prabu Lingga Buana waktu nyumponan janji jeung Raja Majapahit Hayam Wuruk,waktu harita Raja Sunda jeung Raja Majapahit jajni pateupung dibatas nagri anu kasebut Bubat pikeun ngalaksanakeun seserahan Putri Diah Pitaloka anu rek ditikah ku Hayam Wuruk.Ngan hanjakal Hayam Wuruk jalir kana janji,antukna jadi musibah anu saterusna diabadikeun dina sajarah Sunda,jadi lamun nurutkeun kajaian eta,batas wewengkon Sunda palebah wetan nyaeta anu kasebut Bubat.

Catetan perjalan Bujangga Manik anu boga ngaran aslina Prabu Jaya Pakuan,sanajan manehna jadi salah saurang Prabu tapi hirupna leuwih condong jadi Resi,waktu ngayakeun perjalanan ngumbara mapay kabuyutan anu jadi puseur agam hindu ka paleubah wetan nepi ka wewengkon Majapahit jeung Bali,aya catatan perjalanan nu nyebutkeun mentas Cipamali pikeun asup ka wewengkon Jawa,ayeuna Walungan Cipamali teh mindeg disebut kali Brebes jeung kaasup kawewengkon Jawa Tengan,Eta dokumen perjalanan teh ditulis dina daun nipah mangrupa puisi Saloba 29 lambar,kiwari aya di perpustakaan Bodleian,Oxford ti saprak tahun 1627 Masehi.

Waktu Prabu Geusan Ulun Raja Sumedang Larang dilantik ku 4 Kandaga Lante ti Pakuan Pajajaran,geusan Ulum resmi jadi Nalendra neruskeun Pajajaran anu batas wewengkonna,palebah kidul laut kidul,palebah kaler laut kaler,palebah kulon walungan Cisadane(batas Sumedang Larang palebah Kolon lantaran ti Cisadane ka kulon geus jadi Kasultanan Banten),palebah wetan walungan Cipamali,eta katerangan batas wewengkon teh ayenua oge masih bisa di baca di makam Geusan Ulum Dayeuh Luhur Sumedang.

LENGITNA NGARAN SUNDA

Sabda rungkadna Karajaan Sunda Pajajaran,ngaran wewengkon Sunda mimiti leungit,memang Sumedang Larang ngawarisan Pajajaran ngan hanjakal geus teu ngawakilan Sunda deui,Karajaan Sumedang Larang nga ukur ngungkapkeun eksistensi Pajajaran ecara emosional,yen Pajajaran henteu ludes pisan.

Ngaran Sunda kungsi muncul deui dina taun 1947,waktu harita R>M>Soeria Kartalegawa anu sememehna pernah jadi Bupati Garut mroklamirkeun Republik Pasundan,jeung nu jaadi  wali ngarana R.A.A.M Wiranata Kusumah,malah kungsi ngalaman sababaraha kali robah kabinet,saenggeusna dibubarkeun dina tanggal 11 Maret 1950,ngaran Sunda anu aya patula payali jeung tempat,leungit lebeng teu muncul deui nepikeun ka kiwari.

Ngadegna Republik Pasundan ku Suria Kartalegawa pernah jadi polemik,jadi bahan argumen antara Rosihan Anwar jeung Asep Sjamsulbachri.Rosihan Anwar nganggep yen Soeria Kartalegawa tokoh penghianat,sedengkeun Asep Sjamsulbachri sabalikna .Anu jadi maslah lain pasualan adu argumen,tapi kunaon ngadegna Republik Pasundan jadi perkara sedengkeun nagara bagian nu sejen teu di ungkit-ungkit,padahal waktu harita Indonesia teh nagara Sarikat.

Hanjakal pisan ngaran wewengkon Sunda anu geus pernah eksis kurang leuwih 1000 taun leungit teu kapuluk deui,jeung matak heran can aya kasebutkeun dina sajarah ti baheula nepikeun ka kiwari inihong Sunda kabeuratan ku leungitna ngaran Sunda atawa Tatar Sunda.Hese kahartina,berjuang nanjeurkeun nagara tapi mopohokeun kana jati dirina,asa kuharianeun siga nu panuju pisan kana leungitna ngaran Tatar Sunda.

Masalah sejen anu ayeuna keur karandapan ku urang Sunda nyaeta perkara Jati Diri,umumna self identity urang Sunda kurang kuat.Loba contohna anu bisa dibandungan dimana-mana,boh di Bandung anu kaasup salah saiji wewengkon Sunda kitu deui uarang sunda nu ngumbara di manca nagara,lamun nyambat atawa ngageroan kanu teu wawuh malah kanu wawuh oge,bari jeung sarua urang sunda loba anu make mas atawa mba lain KANG,AA,AYI,utawai CEU,jadi wajar lamun nu sejen teu mirosea ka Sunda da urang sunda sorangan oge geus loba nu api lain.

Pasualan anu teu eleh ngahariwangkeun nana,loba pisan nonoman Sunda nu teu apal kana sajarahna sorangan,sajaba ti eta neangan literatur sajarah Sunda,komo deui literatur sajarah nu make basa Sunda.Kaayaan urang sunda kiwari bisa kasebutkeun katurug katutuh.Malahan dina taun 2006 mah pernah geunlleung aya anu ngakukeun Kakaisaran Sunda Nusantara.Ku maca judulnna oge geus kacida pisan salahna,pangakuanna patekeur jeung terminologi geografi,hal ieu teh mere indekasi yen maranehannana teu ngartieun kumaha Karajaan Sunda sabenerna baheula,ngan ngira-ngira ku sawangan anu salah.

Lamun dibandungan leuwih jauh,kaayaan Sunda ayeuna ibarat poe anu rek surup,anu tina waktu ka waktu ngalaman erosi boh dina ngaran,sajarah,budaya kitu oge bahasa.Ngaran Sunda Kalapa teu balik deui,ngaran wewengkon ngan tinggal pangakuan wungkul,kana sajarah sorangan geus loba anu teu apal,geus loba anu teu daek make basa sorangan,majarkeun teh cenah bsa Sunda mah kampungan atawa alasan sejen anu rada mernah,pokokna teh era sieun salah,komo kana tulisan mah geus bisa kasebutkeun lapur,lantaran geus hese neangan anu masih keneh bisa maca jeung nulis aksara Sunda.

URANG SUNDA KU NGAROBAH SIKEP

Handap asor,rengkuh ka batur,someah ka semah,silih asih,silih asah jeung asilih asuh anu geus jadi filisof dina budaya Sunda sacara turun-tumurun.Jiganamah dumasar kana filosofi eta urang sunda ngajenan pisan ka pihak deungeun,jadi kahrti pisan urang sunda loba ngelehan maksudna pikeun ngaragangan.Urang Sunda lamun boga kahayang geus jadi kabiasaan leuwih tiheula sok ngagarap hate deungeun,ieu kanyataan ngalahirkeun sindiran filisof anekdot''MANGGA TI PAYUN,MNGGA NGIRINGAN''.

Sabenernamah pasifatan urang sunda teu cocok ulubung dina politik praktis ti Indonesia,lantaran teu biasa ngarempak adat anu geus jadi kabiasaan,sedengkeun dina politik praktis loba pisa usaha terobosan anyar jeung satekah polah nyingkirkeun lawan politikna,jadi urang sunda anu ulubiung dina politik praktis ti Indonesia ibarat hirup ti habitat sejen,jadi kaharti lamun loba anggota wakil rakyat di DPRD Jawa Barat loba lain urang Sunda pituin.

Pikeun mertahankeun eksistensi Sunda ti Tatar Sunda,ti ayeuna ka hareup anu kasebut inihong Sunda atawa boga pancen jadi pamimpin Wayahna kudu bisa ngarobah sikep  dina harti positf jeung kudu mikirkeun akibatna,lantaran kusaha deui Sunda dipertahankeun lamun lain ku urang Sunda sorangan.

Dina kaayaan Tatar Sunda ayeuna  nu geus heterogen jeung pinuh ku persaingan,kudu ninggalkeun gaya hirup model carita rayat Si Kabayan anu pamalesan,hirup sahayuna,pinter-pinter bodo,gawena ngan ngorek ceuli ditepas imah,atawa Karnadi Bandar Bangkong anu loba ngalamun,teu ngukur ka kujur jeung teu mikirkeun akibatna.

Pikeun ngahudang rasa patriot di Tatar Sunda,teu aya salahnaa lamun urang mieling jaman katukang.Aya sababaraha urang tokoh sunda anu salila hirupna toh-tohan harga diri kasundaan saperti Lingga Buana ,Surawisesa,Jaya Perkasa jeung nu sjenna,Ka beh dieuna aya oge pamimpin Sunda anu ngabela rayat saperti Pangeran Kornel.Eta kajadian sajarah anu atra figur kapahlawanan aya hadena jadi bahan kurikulum di sakola utamana pikeun muatan lokal,lantyaran moal wanoh lamun teu wawuh,moal aya rasa reueus kana kasundaan nana lamun teu apal kana sajarahna sorangan.

Lamun generasi anyar ayeuna teu dihudang deui kana Jati Dirina,teu mustahil dina waktu kahareup anak incu bakal kaleungitan obor,ngan ukur bisa nyarita'cenah mah urang teh katurunan Sunda'.Antkna Ki Sunda teh leungit ngan kari ngaran anu aya dina sajarah wungkul,kitu oge lamun masih keneh aya literatur jeung sempet maca.

Wapedia,Bujangga Manik.
Sok atuh keur urang Sunda,mangga atuh dipertahankeun,disebarkeun,diamalkeun ulah poho kana sajarah Tatar Sunda.

2 komentar: