Sabtu, 09 Juni 2012

Neurangkeun Martabat Alam Tujuh

Martabat Alam Tujuh

-Alam Ahadiyat huruf Al
-Alam Wahdat huruf Lah
-Alam Wahdiyat huruf Mu
-Alam Arwah huruf Ham
-Alam Ajsam huruf Mad
-Alam Misal huruf A
-Alam Insan Kamil huruf Dam

Buktina alam dunya oge eusina ngan tujug poe,hakekatna nyaeta alam nu kasebat diluhur,tegesna a;lam tujuh teh lalakon Allah-Muhammad-Adam,kusabab eta wajib dikanyahokeunnana ku sarerea.Upama urang erk ngusul kana asal,sebab lamun teu dikanyahokeun ti ayeuna jalan-jalan jeung barang-barangna,atuh tangtu bakal sasab,moal bisa balik deui kana asal,sabab teu kapanggih deui jeung jalalna waktu tadi turun-turunna ti akherat ka alam dunya.

Ayeuna eta martabat alam tujuh teh,ku jisim kuring rek diterangkeun sarta make ibarat kalawan dibuktikeun ku gambar,supaya gampang dihartoskeunnana.

Gambar Martabat Alam Tujuh

Tafsirna

A.Nyaeta Alam Ahadiyat,martabat nu Maha Suci,dalilna Dzat Laisa Kamishlihi,hartina dzat anu teu aya upama.
Bakat kumaha atuh matak teu beunang diupamakeun?Naha bakating ku kawasana?atawa bakating ku agungngna?atawa bakating ku hiji-hijina?

Upama bakating ku kawasa,na kapan dina zaman eta mah teu acan aya dadameulannana,karana ngaran kawasa teh kudu bukti heula nu di damelna,kapan dina,dina alam Ahadiyat mah sumawona manusa,akherat jeung alam dunya ge teu acan aya.

Upama bakating ku agungna,da teu acan aya nu hina dina alam Ahadiyat mah,karana aya basa Agung teh sanggeusna aya anu hina.

Upama bakating ku hiji-hijina,da kapan teu acan aya dua zaman eta mah,sabab ari hiji teh saeunggeusna ayu nu loba.

Kumaha atuh pihartieunnana?supaya ata adil Dzat laisa kamishlihi teh jadi?kieu upama mufakat mah,nu matak alam Alhadiyat disebut dalil Dzat laisa kamishlihi.hartina Dzat anu teu aya upama,sategesna nyaeta bakating ku Suci,hartina beresih teu aya sifat-sifat acan sumawonna jenengannana.Naha rek diupamakeun jeung naon upama teu aya sifatna?sabab disaksian deui ku dalil nu Maha Suci teh Balaa Haifin,hartina teu warna teu rupa,teu beureum teu hideung,teu poek teu caang,Bilaa Makanin hartina teu arah teu enggon,teu di kulon teu di wetan,teu di kidul teu di kaler,teu diluhur teu di handap,tah kitu katerangannana,nu matak nu Maha Suci teu beunang di upama-upama,sumawonna di engon-enggon,dituduh diditu didieu,lantaran kaburu lain sabab kahalangan ku bukti.

B.Alam Wahdzat martabat sifatna nu Maha Suci,jadi alam Wahdzat mah nu Dzat Laisa teh jadi Dzat sifat,rupana caang padang,nyaeta kasebut Jauhar Awwal,Jauhar hartina Cahaya,Awwal hartina Mimiti,jadi nya eta nu pangheula-pangheulana aya samemeh Bumi jeung Langit,sumawonna manusa.Tapi eta Johar Awal teh nu kasebut hakekat Muhammad tea,kapan ceuk hadist oge Muhammad teh awal-awalna pisan,sabab Johar Awal teh Nur,tegesna Cahyana nu Maha Suci.Malah ceuk para wali mag Sagara Hirup atawa Sajatining Syahadat,karana gulungan Dzat jeung sifat atawa Allah jeung Muhammad dina hakekat.

C.Alam Wahidiyat,martabat Asmana nu Maha Suici,kajadian tina Jauhar Awwal alam Wahdzat tadi bijil deui sorotna jadi cahaya opat rupa nyaeta :

1.Nur Cahya beureum
2.Hawaun Cahya Koneng
3.Maun Cahya Bodas
4.Turobun Cahya Hideung
Jadi eta Cahya anu opat teh,nu kasebut Nur Muhammad,ari Muhammad mah di Johar Awal,barang eta Nur Muhammad Cahya opat perkara teh,kasebutna Hakekat Adam,nyaeta Asmana nu Maha Suci.

-Cahya nu beureum hakekatna lafad Alif
-Cahya nu Koneng hakekatna lafad Lam Awal
-Cahya nu Bodas hakekatna lafad Lam akhir
-Cahya nu Hideung hakekatna lafad He
Jauhar Awwal jadi hakekatna lafad Tasjid

Sare'atna jadi lafad Allah,jadi eta cahya nu kasebut di luhur teh,nu ngajadikeun bibit tujuh bumi tujuh langit sarawuh eusina kabeh,sanajan Agama oge ti dinya bae.

Ayana Syahadat nyaeta ku ayanan Johar Awal
Ayana Sholat nyaeta ku ayana Cahya Beureum
Ayana Zakat nyaeta ku ayana Cahya Koneng
Ayana Puasa nyaeta ku ayana Cahya Bodas
Ayana Munggah Haji nyaeta ku ayana Cahya Hideung

Sanajan waktu oge aya 5 waktu

Shubuh bagian Nabi Adam
Lohor bagian Nabi Nuh
Asyar bagian Nabi Ibrahim
Magrhib bagian Nabi Musa
Isya bagian Nabi Isya

Pertingkahna Sembahyang oge aya 5 perkara

Nangtung
Takbiratul Ikhram
Ruku
Sujud
Lungguh

Sahabat oge aya 4-5 Kanjeng Nabi

Sahabat Abu Bakar Ash-Sihidik
Sahabat Umar bin Khatab
Sahabat Usman bin Affan
Sahabat Ali bin Abi Thalib
Kanjeng Rasulullah

Di Mekkah aya Imam 4-5 Baitullah

Imam Syafi'i
Iman Hanafi
ImamHambali
ImamMaliki
Baitullah

Teh geuning sidik kabeh oge tina Asmana Allah,hakekatna nyaeta Nur Muhammad,cahya 4 perkara kalima Jauhar awwal.


D.Alam Arwah.martabat Af'alna nu Maha Suci,nyaeta Af'alna Allah Ta'ala ngajadikeun ieu alam dunya.
Kieu ceuk ilmu akal mah ngadamelna teh .

Ibarat dina bioskop mah nyaeta Istijradna bangsa walanda,alam Wahdzat nyaeta Johar Awal teh lir ibarat listrikna,ari Muhammad Nur Muhammad Alam

Wahidiat ibarat kacana
Narun teh ibarat kaca Beureum
Hawaun teh ibarat Kaca Koneng
Maun teh ibarat kaca Bodas
Turobun teh ibarat kaca Hideung

Barang eta kaca anu opat rupa disorot ku Johar Awal,kajadian bijil Kalangkangna

Tina Kaca Beureum jadi Seuneu Alam Dunya
Tina kaca Koneng jadi Angin Alam Dunya
Tina kaca Bodas jadi Cai Alam Dunya
Tina kaca Hideung jadi Bumi Alam Dunya

Ku kawasa-kawasa Allah ta'ala bleg bae jadi alam dunya,nyaeta jagat Kabir,jadi sategesna alam dunya teh kajadian tina Nur Muhammad.

E.Alam Ajsam,martabat manusa,sanggeusna ngadeg ieu alam dunya,Gusti nu Maha Suci bade ngersakeun deui nyitakeun alalm Majaji,terus nimbalan Malaikat,miwarang turun ka alam dunya,kudu nyokot aci seuneu,
aci angin,aci bumi,aci cai.Gancangna geus beunang eta aci-aci nu opat perkara teh terus didamel.

Aci Bumu kajadian kulit bulu Adam
Aci Seuneu kajadian Getih daging Adam
Aci Cai kajadian urat balung Adam
Aci Angin kajadian otot sungsum Adam

Kukawasa Allah ta'ala,jleg bae jadi dalill Muhammad,Mim-He-Mim-Dal,nyaeta :

Cahya nu Hideung jadi hakekat lafad Mim Awal
Cahya Nu Bodas jadi hakekat lafad He
Cahya nu Koneng jadi hakekat lafad Mim Akhir
Cahya nu Beureum jadi hakekat lafad Dal
Johar Awal jadi hakekat lafad Tasjid

Sare'atna nya jadi lafad Muhammad atawa sabalika tina lafad Allah.

Mim Awal lafad Muhammad tegesna Sirah
He lafad Muhammad sategesna Dada
Mim Akhir lafad Muhammad sategesna Udel
Dal lafad Muhammad sategesna Suku

Tapi teu acan bisa usik malik,ngagoler saperti Golek,gancang terus diliangan pat tiang,nyaeta di Panonan,di Cepilan,di Pangambungan,di Bahaman,terus eta liang diasupan ku sorotna Nur Muhammad,kajadian bisa usik malik eta Adam atawa Jagat Shagir teh,jadik sidik pisan ayeuna oge hirupna manusa teh sare'atna ku ayana chya,kitu deui maotna manusa teh ku teu ayana cahya.Samangsa-mangsa geus teu aya Cahyana Si jasad atawa Jagat Shagir,geus teu aya kakuatannana,buktina gancang buruk.

Kitu deui oge jagat Kabir nyaeta alam dunya pang kuatna teh,diangliputi ku sorotna Nur Muhammad,jadi moal salah deui Cahyana,nyaeta Panonpoe,Bulan,Bintang,tangtu bae ieu lam dunya ruksak,atuh tinggal naonna?tina Bumi tinggalna poekna,seuneu tinggal panasna,Cai tinggal tiisna,Angin tinggal hawana.

Saha anu bakal nyicingan eta naraka?teu aya deui anu bakal nyicingan teh nyaeta Idajil La'natullah tea,sakanca-kancana sakur nyawa manusa anu teu barisa balik deui ka Allah Ta'ala,sabab keur di dunyana beunang ku panggoda Setan,lantaran teu Iman ka Allah Ta'ala ka Rasulullah.

Karana eta Idajil teh,tadina mah Malaikat kakasihna Allah Ta'ala.Pangna di bendu ku Allah Ta'ala.lantaran samemehna aya Adam,dipiwarang ngeusian ieu alam dunya,tapi dijangjianna di alam dunya ngan sarebu Taun,kusabab Malaikat Idajil ngarasa betah di alam dunya,teu hayangeun deui balik ka Sawarga nepi ka tilu rebu Taun,tah didinya mimitna dibendu ku Allah Ta'ala,jadi geus teu meunang balik deui ka Sawarga,kudu tetep di Alam dunya bae.

Tapi engke bakal ditetepkeun dina dasar Naraka sanggeus Kiamatna ieu alam dunya,bakating ku badegongna san Idajil,manehna sanggup bae tapi nyuhunkeun idin rek ngagoda ka anak putu Adam,pibatureun manehna di Naraka,Gusti Allah ngidinan,hade tapi saha-saha anu teu Iman ka Aing jeung ka Rasulullah.

Ayeuna rek malikan deui pasal Adam,tadi diluhur ki jisim kuring geus di caritakeun,anu di damel Adam majai teh,tina Acina Seuneu,Angin,Cai,Bumi,bilih bae anu ngaos sareng ngadangukeun ieu kitab nyangka saperti Seuneu,Angin,Cai,Bumi teh diperes saperti nyieun aci Sampeu,saenyana lain kitu.

Jadi anu kasebat Aci Seuneu,Angin,Cai,Bumi teh buktina nyaeta sakur anu jaradi dina taneuh,saperti tatangkalan nu gede anu leutik,karana kapan  sidik bisana ngagedean tatangkalan teh ku opat perkara.

Hiji ku cicing dina taneuh,dua kudu kacaian,tilu kudu kaanginan,opat kudu kapanasan,cacakan karek ku kahieuman oge gening tara jadi buah.

Jadi kusabab eta tatangkalan lila cicingna di bumi,lila kacainannana,lila kaanginanna,lilla kapanasananna,jadi eta hawana asup kana tatangkalan,sanggeus gede tangkalna,nya terus bijil buahna,tah eta buabuahan teh bakating Wujud Adam,sanajan urang oge asal ti dinya bae,ngan bedana Adam mah didamel ku Allah Ta'ala barang kadieuna mah sanggeusna aya Adam jeung Babu Hawa,atawa Indung Bapa urang,bubuhan teh didahar heula nya kajadian aya Wadzi,Madzi,Mani,Maningkem.

Barang eta Wadi,Madi,madi,Maningkeum tepung,tegesna kontak jeung sorotna Nur Muhammad Cahya nu opat perkara tea,nya  kajadian kempel ngajadi jabang Bayi di jero Beuteung Indung.

Ani anu teu jadimah nyaeta snu teu kontak,henteu tepung jeung Nur Muhammad[Roh].Sabab tdai oge Allah Ta'ala teh wenang,wenang ngajadikeunnana jeung wenang teu ngajadikeunnana,Manusa mah teu aya kawasaan ngan ukur jadi lantaran pikeun ngajadikeun piwadaheunnana Roh bae,nyaeta tina sakur anu dituang,karana Indung Bap urang upama teu barang tuang moal jadi aya Cimanina.

Kala waktu Orok dijero beuteung teu acan aya nyawana,ngan kakara aya irup wungkul,nyaeta Roh Suci tea,numatak teu acan aya rasa naon-naon barang gubrag kaluar.

Roh Suci kontak,hartina tepung jeung hawa ieu alam dunya,nyaeta hawana tina Bumi,Seuneu,Cai,Angin,nya kajadian eta Orok aya Nafasna atawa sifatna Nyawa.

Hakekatna nyawa nyaeta rasa Jasmani,dina waktu eta Panon buncelik teu acan aya awasna,Ceuli molongo teu acan aya dengena,Irung teu acan aya Angseuna,Sungut teu acan bisa nyarita ngan karek aya sorana bae.

Barang geus dibere barang dahar nyaeta Cisusu atawa daharan naon bae,nyaeta tina Acina Bumi,Seuneu,Cai jeung Angin,jadi eta Aci nu opat perkara teh kajadian deui Acina,nyaeta ngajadi Getih opat perkara nu disebur Roh Jasmani,tuluy eta getih surup sinurup.

Getih hideung kajadian tina Aci Bumi sumurup kana Kulit,nya ngarubakan kulitna orok,hawana kaluar bijilna kana Baham,watekna bisa ngomong.

Getih nu Beureum kajadian tina Aci Seuneu,sumurup kana Daging,nyaeta ngagedean dagingna orok,hawana kaluar bijilna kana Ceuli,watekna bisa ngadenge.

Getih Bodas kajadian tina Aci Cai,sumurup kana tulang,nya ngagedean tulang[balung]Orok,hawana kaluar bijilna kana Panon watekna bisa ningali aya awasna.

Getih anu Koneng kajadian tina Aci Angin,sumurupna kana Sumsum nya ngalobaan Sumsumna Orok,hawana kaluar bijil kana Irung watekna bisa ngambung/panciuman.

Sanggeusna eta Orok geus rubak kulitna gede dagingna,gede tulangna loba sumsumna,kaluar deui hawana nyaeta Nafsu opat perkara,Amarah,Lowamah,Sawiyah,Mutmainah,nyaeta buktina sagala kahayang anu hade anu goreng.

Tug gening bukti ngagedeannana jasad teh,sanajan tanaga pikiran,akal sumawona paningal,pangrungu,pangucap,pangangseu,teu aya deui anging ku pitulungna Roh Seuneu,Cai,Angin,Bumi.Naon sababna pang nulung kitu teh?Teu aya deui pang kajadian sagal ti dunya teh,supaya eta parabot-parabot teh kudu digunakeun dipake parabot ibadah jeung kudu dipake parabot keu rnyieun jalan jalan pikeun nganyahokeun ka asalna,nyaeta ka Allah supaya manehna kabawa sampurna,tegesna kabawa balik deui ka Allah Ta'ala,karana anging manusa anu katetepan Agama,manusa anu katetepan Elmu,anu bakal bisa nyampurnakeun Roh-Roh sa Alam dunya kabeh oge pada arasup ka manusa.

Sumawon Rohna Bumi,Seuneu,Cai,Angin ata mah sapopoena,sanajan Roh-Rohna hewan nu halal nu haram nu beresih nu najis,eta sakabeh oge pada arasup bae ka manusa.

Kieu jalan-jalanna,saperti bangsa tatangkalan[Kai]beber sare'atna mah teu didahar ku manusa ,tapi kapan sok dipake nyuluhan sangu atawa naon bae tangtu ata Rohna asup kana Sangu,numatak jadi beda rasana waktu tadi keur beas keneh jeung geus jadi sangu,kitu deui bangsa hewan anu haram anu najis oge milu arasup bae,puguh ari jinisna mah teu di dahar,tapi upama Anjing,Babi paeh di Cai tangtu bangkena dihakan ku lauk Cai,Lauk Cai asup deui ka manusa,jadi sidik manusa teh jadi cukang keur mareuntas Roh-Roh sa Alam dunya balik deui ka Allah Ta'ala.

Kusabab eta sidik Gusti Allah mah Suci tetep teu nyiksa teu ngaganjar,sategesna-tegesna anu bakal nyiksa teh nyaeta roh-roh tina sagala rupa anu geus asup ka manusa,kulantaran teu dibawa balik deui ka Allah Ta'ala.Rohna seuneu bakal jadi Naraka panas,rohna cai engke bakal jadi Naraka Tiis,rohna Bumi engke bakal jadi Naraka Poek,rohna Hewan engke bakal nyeureudan atawa ngegelan kana nyawana manusa.

F.Alam Misal,martabat elmu,saha-saha manusa di dunyana geus ma'rifat kana asal wujudna,nyaeta Sagara Adam[C]tadi,eta elmuna geus tepi kana pangkatna Misal,hartina geus nyaho kana asal nyaeta sifatna Cahya Beureum,,Koneng,Bodas,Hideung,engke dina maotna bakal asup ka Sawarga,tegesna dina kani'matan anu teu aya babandingannana sarta langgeng teu aya putusna.

G.Alam Insan kamil,martabat Kasampurnaan,samangsa-mangsa manusa di dunya geus bisa ma'rifat kana sifatna Allah Ta'ala nu kasebut Johar Awal tea,atawa alam Wahdat[B]tadi,elmuna geus tepi kana pangkat Insal Kamil hartina manusa sampurna,engke dina maotna bakal jatoh kana pangkat Insal Kamil,hartina sarupaning sampurna,beak rasana,beak jasmanina,jadi Dzat Laesa Kamishlihi deui,saperti tadi samemah urang turun ka alam dunya.

Hak Cipta Milik Allah
Kitab Tauhid
Mama Guru
Ujang Guru
tulisan ieu sugan wae aya manfa'atna keur urang sarerea.amin

Tidak ada komentar:

Posting Komentar