Minggu, 24 Juni 2012

PIWELING KEUR DULUR SADAYA

E'ling-e'ling dulur kabeh
Ibadah ulah campole'h
Beurang peuting ulah wale'h
Bisina kaburu pae'h

Sabab urang bakal mati
Nyawa dipundut ku Gusti
Najan raja nyakrawati
Teu bisa nyingkiran pati

Karasana keur sakarat
Nyerina kaliwat liwat
Kana ibadah dililiwat
Tara ngalakukeun solat

Kaduhung liwat kalangkung
Tara nyembah ka Yang Agung
Sakarat nyeri kalangkung
Jasadna teu beunang embung

Ih mani sararieun yuk urang are'ling dulur supaya salamet dunya ahirat dulur.amin

1 komentar: