Rabu, 06 Juni 2012

Kitab Marifatullah Basa Sunda

Bismillahirahmaanirrahiimi

Alhamdulillahi robbil'alamin,wassholatu wassalamu'ala syayidina Muhammadin wa'ala alihi wa shohbihi ajma'iin.

mimiti jisim kuring nulis ieu kitab,ngalap berkah tina jenengan Allah ta'ala,nu murah ti dunya ka umat-umatna sakabeh,jeung nu asih diakherat ka umat-umatna anu mu'min,ari Rohmatna Allah ta'ala kasalametannana turuna ka atas panutan urang Kanjeng nabi Muhammad Shalallohu 'alaihi wassalam,jeung kapara sahabatna rawuh kulawargana sakabeh.

Wajib Ma'rifat ka Allah Ta'ala

Ari ma'rifat ka Allah Ta'ala teh wajib di sakabeh jalma mukalaf,tegesna jalma anu geus aqil baligh,eta wajib teu meunang henteu,karana aya dawuhannana Kanjeng Nabi Muhammad  SAW,kieu...

''Awwalu dinni ma'rifatullah ta'ala''

Sundana : Awal-awal agama eta kudu nyaho heula ka Allah ta'ala,sababna pang kudu nyaho heula teh supaya manusa enggoning ngalakonan ibadahna syah ditarima amal ibadahna ku Allah Ta'ala,sabab tadi oge amal teh kudu kalawan ilmu,umpama teu kalawan ilmu batal,tegesna teu jadi,samangsa-mangsa teu jadi tangtu moal aya manfa'atna pikeun di Akherat ngan ukur di dunya wungkul.

Tapi dina hal ilmu mangkade kaliru,ari hartina ilmu teh kanyaho,tapi lain kudu nyaho kana syara,syahna batalna ibadah bae,tapi kudu jeung nyaho[ma'rifat]ka Allah,ka Rasulullah,sabab eta teh ibarat tempat atawa gudangna keur piwadaheun amal ibadah urang sarerea,ulah teu puguh sokna.

Ibarat lamun di dunya mah ibadah keur ngumpul-ngumpilkeun papaes imah,saperti meja ,korsi,lomari jeung salainna,ari ma'rifat ka Allah,ibarat urang ngabogaan imah anu pegeuh anu gede,nyaeta supaya eta barang-barang nu beunang hese teh merenah puguh tempatna,betah ngeunah dicicingannana,karana sanajan boga barang loba serta aralus hargana mahal,upama teu boga tempat[imahna]rek dimana diteundeunna? Naha rek sina pabalatak diburuan,dipipir-pipir,atuh cicingna oge piraku rek aya barangna oge tangtu babari rusksak,moal tulus jadi kani'kmatanana.

Komo deui upama urang boga tekad amal ibadah teh keur bawaeun engke balik ka akherat,atuh beuki wajib ma'rifatna ka Allah Ta'ala teh,sabab pikeun tempat pangabalikan tea.

Upama teu dikanyahokeun ayeuna,naha kira-kira bisa datang engke kana tempat asal urang tadi? kapan dina sakaratul maut mah geus moal aya tenyaeun deui,jeung geus moal boga akal deui ku ngarasakeun kanyeri oge,sebab ceuk hadist upama urang lolong tegesna teu nyaho ka Allah,ka Rasulullah ayeuna keur waktu di dunya,engkena di akherat tetep lolong  bae,samangsa-mangsa lolong tegesna poek di akherat,atuh beubeunangan urang ti dunya anu beunang sakitu hese sape teh,rek dibantun kamana?

Kusabab teu bisa dongkap ka Allah,kana asal urang tadi sarerea,palangsiang babawaan teh bakal dibantun utrak-atrik dibantun ka enggon Siluman,babawaan urang dijieun kakayaan di Nagarana,urang di jieun badegana,kusabab eta ayeuna urang meungpeung di dunya kudu ikhtiar kudu tiung memeh hujan,tegesna kudu nganjang ka pageto,nyaeta kudu bisa paeh samemeh paeh,karana lamun teu tiasa paeh heula sajero hirup,moal nyaho ka akherat karana nyaho ka akherat teh kedah paeh heula,kapan suek dalilna oge :

''Antal mautu qoblal mautu''

Jadi gening akherat atawa asal urang teh,kedah dikanyahokeun jeung kudu dianjangan ti ayeuna,supaya engke ulah nyasab deui,paeh pulatat-polotot,jeba-jebi,larak-lirik neangan jalan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar