Rabu, 06 Juni 2012

Rukun Iman Anu KaGenepna Nyaeta

WAL QODRI KHAIRIHI WASIRRIHI MINALLOHI TA'ALA

Sundana : Untung ala untung becik papasten ti Allah Ta'ala atawa hade goreng ti Allah Ta'ala

Lebah dieu urang percayana teh ulah kaliru,kudu dipikir dilenyepan karana tadi Gusti Allah teh sifat Maha Suci.Prilaku anu suci make bakal nyiksa,make bakal ngaganjar engke di akherat,jadi ana kitu mah Gusti Allah ngadamelna manusa teh ngalap faedah,kersana rek ngaganjar jeung nyiksa.

Lamun kitu mah moal tulus sucina Allah Ta'ala teh,tapi urang kudu percaya kana dalil,urang kudu percaya kana ayana Sawarga,Naraka atawa ngeunah teu ngeunah engke di akherat,karana  ayeuna ge di dunya kembangna geus karasa,aya ngeunah jeung teu ngeunah,tapi Sawarga Naraka teh lain ti Allah tapi sategesna tina tekad ucap jeung pamolah urang keur waktu di dunya,sabab tadi Gusti Allah ngadamelna manusa teh sakali jadi,henteu nungtutan deui,geus Kun Fayaakun breg sama sakali cukup teu aya kakurangannana.

Tapi maparin cukup teh nyaeta parabotna wungkul,naon parabot ti Allah Ta'ala teh? Nyaeta anggahota saperti leungeun dua,suku dua,panon dua,ceuli dua,irung,baham jeung nafsu anu opat perkara[Amarah,Loamah,Sawiyah,Mutmainah].Kieu dawuhna Allah Ta'ala lamun maneh hayang ka naraka tegesna hayang kana teu ngeunah,prak bae migawe 'ala,nyaeta migawe kalakuan anu goreng,da kapan geus sadia parabotna ti Aing,aya Amarah Lowamah Sawiyah.

Kitu deui lamun maneh hanyang ka Sawarga tegesna kana kangeubahan,pek bae geura migawe becik,hartina migawe kalakuan anu hade,da kapan geus sadia parabotna ti Aing nyaeta nafsu Mutmainnah,tah kitu tegesna mah pang aya sawarga Naraka di dunya sumawon di akherat oge,beunang nyieun tina tekad jeung pamolah urang waktu keur di dunya,kitu deui beubeuheungannana oge moal keur batur,tetep keur milik sorangan,ti dunya nepi ka akherat.

Jadi kusabab eta ayeuna urang sarera mangka ati-ati enggoning ngajalankeun parabot ti Gusti Allah teh kudu make budi jeung pamilih anu cukup.ulah rek ngagunakeun teuing parabot Amarah Lowamah sawiah,kilangbara ari teu dpake pisan mah,atuh ulah loba-loba teuing,sakurang-sakurangna sing sami timbang jeung ngagunakeun parabot Mutmainnah.

Karana sing awas,eta beubeunang tina pagawean urang teh engke di akherat ku Gusti Allah bakal ditetepkeun,sabeunang-beunangna tina  pagawean urang ti pangumbaraan nyaeta di alam dunya,saboga-bogana moal pahili deui.

Kumaha atuh akalna supaya urang bisa ngalobakeun parabot Mutmainnah?teu aya deui akalna lian ti urang kudu bisa nyalindung ka Allah ka Rasulullah,tegesna ku Ma'rifat,tiap-tiap geus ma'rifat tangtu bisa ngarasa babarenganna beurang peuting jeung Allah jeung Rasulullah.

Tiap-tiap geus ngarasa teu pisah,Insya Allah bisa hade,ibadah kalawan syah Nagara ge tangtu aman.

Dilanjutkeun ka Nerangkeun pasal Al'Qur'an...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar