Sabtu, 09 Juni 2012

Neurangkeun Pasal Al-Qur'an

Ari Al-Qur'an teh aya opat perkara :

-Qur'anul Majid
-Qur'anul Karim
-Qur'anul Hakim
-Qur'anul Adzim

Ieu Qur'an anu opat perkara disurahannana ku sahiji Ajengan kieu :

-Qur'anul Majid,nyaeta any aya hurufna nu umum sok diajari ku kaom islam sadunya.
-Qur'anul Karim,nyaeta Qur'an anu mulya,buktina nyaeta keneh bae Qur'an anu aya tulisannana,karana eta anu dimulyakeun ku kaom Islam saAlam dunya.
-Qur'an Hakim,hartina Qur'an anu agung disebatkeun barangna eta keneh bae,Qur'an anu sok dabaraca,sabab eta anu diaragungkeun ku kaom Islam saAlam dunya.
-Qur'anul Adzim,hartina Qur'an anu suci jeung langgeng,dituduh eta keneh bae buktina mah Qur'an anu aya tulisannana,karana eta anu suci jeung langgeng hukumananna ti dunya nepi ka Akherat.

Tah kitu eta Qur'an anu opat perkara teh,disurahannana kunu Ahli Syara,jadi borong bae kajeun aya opat ngaranna,barangna mah ete-eta keneh bae.

Jadi anu kitu eta Qur'an tulisan teh dianggap Tapekong,karana kapan sidik Qur'an eta mah beunang nulis manusa,naha disebutkeun anu mulya,anu agung,anu suci anu langgeng,lapan sidik Qur'an tutulisanna mah keuna ku rusak.jadi lamun kaom Islam keukeuh boga patekadan kitu,atuh teu beda jeung Agama Cina,sesembahannana Migustina kana barang anyar,turug-turug nu nyieunna oge nu anyar.

Kusabab kitu muga dulur-dulur kaom Islam ulah kaliru,kieu eyeuna dihandap ku jisim kuring rek diterangkeun pasal eta Qur'an anu opat perkara teh.

-Qur'anul Majid,eta mah cocog barangna,nyaeta Qur'an majaji anu bukti aya hurufna,umum sok dibaraca ku sarera kaom Islam.

-Qur'anul Karim,hartina Qur'an anu mulya,sategesna any ngaran Qur'anul Karim teh buktina Panangan katut Ramo,karana kapan sidik jolna eta aksara teh tina tangan jeung Ramo,jadi sategesna anu mulya teh nyaeta Panagan katut Ramona anu mimiti ngadamel eta Qur'an,cik saha anu nganyahokeun eta Qur'an?Piraku teu kaharti,tah eta anu mulya teh.

-Qur'anul Hakim,hartina Qur'an anu Agung,nyaeta buktina teh Paningal,karana Panangan Ramo moal bisa nulis upama teu aya Paningal,jadi sateges-tegesna nu agung teh nyaeta Paningalna anu mimiti ngayakeun eta Qur'an.

-Qur'anul Adzim,hartina Qur'an Suci jeung langgeng,nyaeta buktina hirup,karana PaningalTangan jeung Ramo moal bisa ngajadikeun upama teu aya hirup,jadi sateges-tegesna anu suci jeung nu langgeng teh hirupna nu mimiti ngayakeun eta Qur'an.

Kusabab kitu urang oge ayeuna ngaji teh,lamun hayang tepi kana sucina lamun hayang tepi kana sampurnana,eta Qur'an anu opat perkara teh,kudu diaji kabeh.

mimiti urang kudu daek maca Qur'anul Majid ,nyaeta Qur'an majaji anu aya hurufna,tah eta bagian ilmu sare'at,sanggeus dibaca kudu terus di aji,nyaeta kudu dihartikeun pimaksudeunnana,sanggeus kaharti pimaksudeunnana,geura teangan jeung pigawe tarekatna sankan karasa,sabab eta Qur'annul Majid teh tuduh jalan pikeun nganyahokeun ka Allah ka Rasulullah,jalanna teu aya deui lian ku tarekat,nyaeta Qur'anunul Karim,hartina kudu ngaji pagawean tangan jeung Ramo urang anu sakira bakal tepi ka Allah ka Rasulullah.

Karana Gusti Allah maparin leungeun jeung Ramo ka manusa teh,lain kudu dipake ngajadikeun kana barang dunya anu keuna ku ruksak bae,tapi jeung kudu dipake ngajadikeun jalan keur nganyahokeun ka Allah ka Rasulullah,supaya tangan jeung Ramo urang teh jadi Mulya,karana aya dalilna :

Asho biahum fii adzaanihim minasshowaiki
Hadzarol mauti walahu muhitun bil kaafiriin

Kieu Pisundaeunnana : Lamun tangan jeung Ramo maneh teu dipake jalan maot,tetep tangan jeung Ramo maneh martabat ramo hewan,kafir tetep bakal ka naraka.

Tina Qur'anul Karim kudu naek deui kana Qur'an Hakim bagian hakekat,nyaeta kudu ngaji pagawean paningal urang anu sakira bakal hakim tegesna kana barang langgeng tea,nyaeta kana hakekatna Allah jeung Muhammad,karana Gusti Allah maparin awas paningal ka manusa teh lain bae kudu dipake kana ngawaskeun barang anyar anu keuna ku ruksak bae,tapi jeung kudu dipake ngawaskeun kana hakekat Allah jeung Rasulullah,nyaeta anu kasebut Qur'anul 'Adzim anu langgeng tea atawa sifatna hirup,bibitna tujuh bumi tujuh langit sarawuh eusina kabeh.

Tah didinya urang oge asalna jadi sategesna ngaran ma'rifat ka Allah teh nyaeta anu nyaho kalawan Hakim kana hakekat Allah jeung Muhammad tegesna Jauhar Awwal.

Tapi Johar Awal sajati mah nyaeta kasebut Johar Latif,tegesna gaib moal nisa katingal ku panon kapala,ceuk dalilna kieu :

Ru'yatullahi ta'ala fii dunya bi'ainil qalbi.

Hartina Sunda : Ningali hakekatna Allah Ta'ala di dunya ku awasna ati,tegesna ku hakekatna Rasulullah,sabab sifat jalma mah moal aya anu bisa ma'rifat ka dinya,karana jelma mah ngan ukur dipake tempat ningalina Rasulullah ka Allah Ta'ala.

Samangsa-mangsa wujud geus bisa dipake tempat ningalina Rasulullah ka Allah ta'ala,tangtu Ramo urang bisa nyaritakeun yen geus ngaku nyaho ka Allah ta'ala,lantaran  geus dibejaan[dipasihan terang]ku Rasulullah,jadi urang mah kabawa nyaho kabawa ni'mat ku Rasulullah,ti dunya nepi ka akherat,moal sulaya deui sabab geus tetep jadi umatna Rasulullah.

Karana ti ayeuna oge geus teu ngarasa pisahna jeung Rasulullah,lantaran wujud teh beurang jeung oeuting dianggo bae tempat ku Rasulullah ningali ka Allah ta'ala.Samangsa-mangsa geus ngarasa babarengan beurang peuting jeung nu suci,Insya Allah tekad jeung laku teh lila-lila kabawa suci.

Setan-setan ge moal dareukeut,tapi kitu soteh nu ma'arifat kalawan tauihidna,ari teu tauhidna mah sulaya bae,sanajan geus boga tarekatna.

Teu ngarasa sieun teu ngarasa isin,jongjon bae tekad jeung lakuna sakama-kama,jadi nu kitu teh Ma'rifatna,Ma'rifatna Mikung,tangtu di dunyana ge moal meunang safa'at ti Rasulullah,di dunyana moal lepot tikasusah,kabendon ku nu Maha Suci,Suci eusina,Suci cangkangna,kakara jadi,di dunyana moal lepot tina kani'matan,di akherat pon kitu deui.

Kusabab eta poma pisan dulur-dulur anu geus jalan boga jalan ka ma'rifatan,tekad jeung laku goreng teh kudu dijaga bener-bener,ulah darapon nyaho bae,tapi kudu jeung dibarengan ku lakuka jeung tekadna anu hade,sabab lamun urang ngalakonan pagawean am'siat ngalanggar hukum Syara,tangtu urang gancang dibendonna ku Maha Suci langkung beurat,hukumana bongan,beda deui jeung nu tacan nyaho,saperti di dunya oge,upama urang kampung maling hayam,dihukumna ngan ukur di denda atawa di bui saminggu,coba lamun wadana maling hayam hiji,tangtu leuwih beurat hukumannana,jaba ti leupas pangkatna teh,jeung bari dihukum tikel dua tilu ti sakampung tadi.

Hukuman bongan geus nyahi kana artikalna,komo anu geus nyaho ka Allah ta'ala mah,sing inget perjajangjian Guru Mursyid[Guru nu geus inkisaf ka Pangeran]ibadah babarengan doraka pipisahan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar