Rabu, 06 Juni 2012

Mimitna Mun Rek Neangan Pangeran

Aya dawuhanna Kanjeng Nabi Muhammad Sholallahu Alaihi Wassalm :

''Man  Tholaba Maulana Boghairi nafsihi  Faqad Dolla Dolaalan Ba'da''

Sundana : Saha-saha manusa neangan Pangeran kaluar tina dirina sorangan,mangka temen-temen eta si jalma kasasar,karana dina tekadna ngarasa jauhna jeung Allah Ta'ala,padahal aya dalilna :

''Wa nahnu aqrobbu ilaihi min hablii warid''

Sundana : Aing geus teu aya antarana deui jeung maranehna sakabeh,sanajan diibaratkeun urat beuheung jeung beuheung maneh pribadi oge,masih keneh deukeut keneh maneh jeung Aing.Nu matak manusa leuwih dimulyakeunanna ku Allah Ta'ala kapan ceuk hadistna oge kieu :

''Wa laqad karomma bani Adam''
Sundana : Kami geus ngamulyakeun pisan ka anak putu Adam

Malah aya deui dalilna :

''Laqad Khalaqnal insaana fii ahsani taqwiin''
Sundana : Manusa teh pang alus -alusna jeung pang aheng-ahengna kajadian ti sasama makhlukna Allah Ta'ala.Geura lamun maneh geus nyaho kaayaan dina sajero sorangan,tangtu engke ngarasa kaahengannana anu aya di badan sorangan.

Aya deui dawuhannana Kanjeng Nabi Muhammad SAW.

''Man'arofa nafsahu faqad'arofa robbahu''
Sundana : Saha-saha anu geus nyaho ka dirina sorangan geus tangtu nyaho ka Pangerannana.

''Wa man'arofa robbahu faqad jahilan nafsahu''
Sundana : Jeung saha-saha anu geus nyaho ka Pangeran,tangtu ngarasa bodo dirina,karana tangtu kaharti si jasad moal bisa usik malik lamun teu di daya upayakeun ku Pangerannana.

Sidik ieu si jasad teh jadi rokrakna,anu matak urang kudu ngaji teh ulah ngaji kitab anu keuna ku ruksak bae,tapi kudu ngaji kitab anu langgeng kapan ceuk hadist oge kieu :

''Iqra kitabaka kafa binafsika alyauma'alaika hasiba''
Sundana : Maneh kudu ngaji kitab anu langgeng,nyaeta kudu ngaji kitab langgeng anu aya dina diri maneh sorangan,geura teangan Qudrat Iradatna Pangeran dina diri sorangan,karana leuwih nyata kakawasaannana.

Pangeran teh dina diri sorangan,jeung leuwih nyata hirupna Pangeran teh dina diri sorangan,jeung leuwih nyata tingalina Pangeran teh dina diri sorangan,jeung leuwih nyata danguna Pangeran teh dina diri sorangan,serta leuwih nyata pangandikana Pangeran teh dina diri sorangan,karana ceuk dalilna :

''Wa huwa ma'akum ainama kuntum''
Sundana ; Allah Ta'ala teh ngabarengan bae ka umat-umat sakabeh,dimana bae manehna aya,di dinya Aing aya,tapi sategesna ngaran dibarengan ku Allah Ta'ala teh nyaeta,ku Qudrat Irodatna jeung ku ilmuna,kapan sidik dina sifat dua piluh oge geus ngarangkep-rangkep saperti :

Hayat jeung Hayan
Hayat hartina Hirup
Hayan hartina Nu hirup

Sama jeung Sami'an
Sama hartina Dangu
Sami'an hartina Nu Ngadangu

Bashar jeung Bashiran
Bashar hartina Ningali
Bashiran hartina Nu ningali

Kalam jeung Mutakaliman
Kalam hartina Ngucap
Mutakaliman hartina Nu Ngucap

Qudrat jeung Irodat
Qudrat hartina Kawasa
Irodat hartina Keresa

Naon nu Kawasa di diri urang teh?Teu aya deui lian ti Hirup,buktina gening bisa usik.

Iradat hartina keresa,nyaeta buktina :
Panon bisa ningali
Cepil bisa ngadangu
Baham bisa nyarita
Pangambung bisa Ngangseu

Tuh geuning bukti,sidik teu pisahna teh,ayeuna mah atuh ngan kari neangan barangna bae,siga naon sifatna Qudrat atawa sifat Hirup teh? Wajib pisan kapanggihna supaya bisa kaharti jeung karasana,ulah percaya ceuk beja kudu nyaho ceuk sorangan.

Jadi anu kitu faham teh meh sarerea,Iman ka Allah teh semet percaya kana ayana bae,pedah aya dadamelanna Bumi jeung Langit,atuh anu kitu mah sumawonna nu nyekelna Agama Islam,kapan anu nyekelan agama sejen-sejen oge pada percaya kana ayana Allah Ta'ala mah,atuh naon bedana Agama Islam jeung agama sejen? Pedah eta kitu agama Islam mah aya rukuna,Syahadat,shalat,Zakat,Puasa,munggah Haji? Kapan dina Agama sejen oge aya Syahadatna,pada aya sholatna,ngan beda pertingkahna jeung basana wungkul,maksudna tangtuna sarua.

Kapan tadi agama Islam teh pang luhung-luhungna ti Agama-agama nu sejen da kapan kieu dalilna oge :

''Al Insaanu Sirri Wa Anna Sirruhu''
Sundana : Rasa Muhammad teh nta rasa Allah,Allah Haqna Muhammad.
Tah kitu,anu matak Agama Islam disebut pang luhur-luhurna teh,lantaran pang parek-parekna ka Allah Ta'ala.moal aya Allah lamun teu aya Muhammad,moal aya Muhammad lamun teu aya Allah.

Stegesna moal aya sifat lamun teu aya Dzat,moal aya Dazat lamun teu aya sifat,anu matak Kanjeng Rasulullah disebat Panguluna Rasul,jeng disebat Babuning Roh sakabeh,jadi agam Islam pang kasebat luhurna teh,nyaeta ku sabab aya Haq ka Allah Ta'ala.Kapan bukti Mi'raj,barang beh dieuna mah Kanjeng Gusti Syarif Hidayatullah Wali kutub Cirebon,Mi'rajna teh tiasa tepang sareng hakekatna Kanjeng Nabi Muhammad SAW,nyaeta anu kasebat Jauhar Awwal tea,tegesna sifat nu Maha Suci,saur para Wali mah Sajatining Hirup atawa Sajatining Syahadat,nyaeta gulungan Dzat jeung Sifatna Maha Suci.

Jadi,sanajan urang oge upama bisa kapanggih mah jeung Tarekat Wali,Insya Allah bisa patepang sareng Hakekat Rasulullah,samangsa-mangsa geus bisa tepung jeung Hakekatna Rasulullah,kakara urang diaku umatna,Samangsa-samangsa geus diAku umat Rasulullah,Insya Allah engke bakal dicandak kana kasalametan Ajneuna,nyaeta kana Kasucian.

Upama teu acan kana hakekatna,tetep teu acan syah urang ngaku jadi umat Rasulullah teh,karana dina rukun syahna maca Syahadat oge geus diterangkeun dina kitab :

Kudu netepkeun heula Dzatna Allah Ta'ala
Kudu netepkeun heula Sifatna Allah Ta'ala
Kudu netepkeun heula Asmana Allah Ta'ala
Kudu Sidik heula ka Raulullah

Tah geuning kitu maca syahadat teh,gening kudu,sidik heula ka Rasulullah,sabab kumaha bisa netepkeun ayana Allah jeung Rasulullah,upama teu acan nyaho [ma'rifat] kana sifat-sifatna,sabab,bisa netepkeun teh,kudu puguh heula barang-barangna anu ditetepkeunnana.

Gening kitu satemen-temena maca Kalimah Syahadat teh,lain darapon nyebat bae,karana ari darapon nyebut bae mah,budak lembut oge pada bisa.

Nu matak wajib jeung nyahona,sabab upama teu jeung nyahona mahibarat maca programma bioscoop anu rame,tapi teu jeung lalajona,naha jadi kani'matan ka urang?kitu deui sanajan teu maca programmana,tapi lalajo datang kana tempatna eta bioscooop,naha utama mana? Utama anu maca programmana tawa utama nu lalajona?

Kitu deui dina bab Agama [ilmu],nu ngaos atawa nu ngadangukeun kana ieu kitab,ulah gancang percaya,ulah gancang ngalain-lain,karana ieu zaman geus alur,pikiran jalma geus naraek,geus teu pati hayangeun dibobodo.

Jalma ayeuna mah dina sagala rupa hayang karasa hayang yakin,sing inget kana babasan kolot baheula,Batu turun keusik naek,teu halangan mungguhing kawenangan Allah,si koloy jadi bodo,si budak jadi pinter,jeung kudu inget mungguh ilmuna Rasulullah teh aya opat pangkat nyaeta :

Ilmu Sare'at
Ilmu Tarekat
Ilmu Hakekat
Ilmu Ma'rifat

Dina zaman ayeuna mah ilmu ma;rifat anu diarudag-udag teh,hayang sidk ka Allah ka Rasulullah,da bongan aya dalil :

''Wa'bud robbaka hatta ya'tiyakal yakiin''
Sundana : Nyembah ka Allah teh kudu sidik sarta yakin supaya syah Dzatna,syah Sifatna,syah Asmana,syah Af'alna.

Enggoning ngumbara di alam dunya teh,sing tepi ka ngarasana teu papisah jeung Allah jeung Rasulullah.Samangsa-mangsa geus teu ngarasa pisahna jeung Allah jeung Rasulullah beurang peuting,sugan pirak urang rek goreng tekad,goreng laku saperti sirik pidik,jail kaniaya kasasama makhluk,karana tangtu isinna,lantaran ngarasa di poconghok beurang kalawan peuting ku Pangeran.

Sagala hal moal disumput salindungkeun deui,jeung sagala hal kalakuan naon bae,moal make Ujub Takabur Riya,karana ngarasana geuning diri urang teh Hina Bodo Di'if.Bisa soteh jadi aya rizki pagawean bisa jadi, sihoreng kalawan pitulungna nu Maha Suci,nyaeta  Qudrat Iradatna anu Kawasa.

Jadi ayeuna oge bisa ditetepkeun,samangsa-mangsa jalma make kalakuan Sirik pidik Jail Kaniaya ka sasama makhlukna Allah Ta'ala,boh dinu Ma'siat,boh di Lebe.boh di Santri,boh di Kyai pisan,ciri-ciri eta jalma tacan ngarasa deukeutna jeung Rasulullah sumawaonna jeung Allah Ta'ala,samangsa-mangsa teu ngarasa deukeutna jeung Pangera,tangtu laku jeung tekadna cicing dina Ujub Riya Takabur,sok ngaku aing pinter teu deungeun,ngaku bener aing teu deungeun,ngaku bisa ngaji aing teu deungeun,ngaku Islam aing teu deungeun,Jadi jalma kitu teh ngaku boga Qudrat Iradatna sorangan bae,teu narima kana Qudrat Iradatna Pangeran,jadi ngarebut atawa mapadani kana kakawasaannana Allah Ta'ala.

Kapan teu gampang urang ngaku islam,sumawonna taduh-tuduh ka batur,Si itu Islam Si itu kafir,karana Islam Kafir Anging Gusti Allah anu uninga jeung nu baris nentepkeunnana.



Tidak ada komentar:

Posting Komentar