Minggu, 24 Juni 2012

MUMUJI KA GUSTI ALLAH [ Basa sunda]

Yaa  robbi bil-Mustofa
Ballligh maqoooshidanaa
Waghfirlanaa maamadho
Yaa waasi'al karomi

Nun Gusti Pangeran abdi
Ku ka agungan kanjeung nabi
Mugi Gusti ngajadikeun
Sugri anu disuhunkeun

Sareng mugi ngahampura
Gusti ka abdi sadaya
Tina lampah anu salah
eh Allah nu Maha Murah

Masya Allah matak kelar
Di akherat kabeh gelar
Tina Pakuburan mencar
Karumpul di alam mahsyar

Ari ngaran mahsyar eta
Palataran anu rata
Panasna waktu harita
Panon poe tujuh nyata

Teu jauh tujuhanana
Pirasatar antarana
Ngarojol kabehanana
kajalma goreng amalna

Eling-eling dulur kabeh
Ibadah ulah sampoleh
Beurang peuting ulah weuleh
Bisina kaburu paeh

Sabab urang bakal paeh
Nyawa dupundut ku Gusti
Mangka kudu ati-ati
Kaidah sing gumati

Karasana keur sakarat
Nyeurina kaliwat liwat
Ka ibadah sok ngaliwat
Tara ngalampahkeun solat

Sanajan teu boga sarung
Solat mah teu meunang embung
Teu meunang sumput salindung
kana dawuhan Yang Agung

Diposkeun ku Moch hadad ahmad faqih al hasby

Tidak ada komentar:

Posting Komentar