Rabu, 06 Juni 2012

Bagbagan Islam

Ari tegesna Islam teh suci,beresih tina sagal kotoran,naon anu ngajadikeun kokotor teh? Teu aya lian anging nafsu,kusabab eta bae jalmana di dunya nu teu baga nafsu? Sumawona di nu jalan ma'siat,sanajan dinu ahli agama oge pada katetepan nafsu,komo deui anu make sirik pidik ujub riya takabar,sanajan nafsu hayang ka dunya oge geus kotor bae,kieu katerangannana.

Sategesna Isalam teh teu dua teu tilu.estu ngan hiji-hijina,malah keur sahiji teh Gaib,nyaeta sategesna sifatna Islam teh Nur,tah eta anu katetepan nafsu teh,sabab tadi geuning urang keur aya dina Allah Nur mah teu boga nafsu hayang nanaon.Kitu deui anu Islamna oge teu dua teu tilu,da ngan sahiji-hijina,nyaeta Kanjeng Rasulullah.Tuh geuning jalma mah teu kabagean pangkat Islam,jalma mah ngan ukur jadi umat,sabab kudu nyaho heula ka Rasulullah,kana parentahna oge loba anu teu ngalakonan,kapan dina rukun islam oge diwajibkeun jarah ka Madinah ka Pakuburannana Rasulullah,jeung ka Baetullah,hakekatna kudu terang kana hakekatna Rasulullah jeung Karatonna Allah Ta'ala nu aya di diri urang sorangan,kapan aya dalilna :

''KULLU UMMATIN WA RUSULIHI''
Sundana : Dina sakabeh pada katetepan Rasulullah,hartina rasana Allah.

Kusabab eta perlu urang panasaran,wajib nganyahokeunnana kana hakekat Rasulullah nu aya di badan sorangan.Peupeuriheun jarah ka Mekah ka Madinah teu bisa,kapan tadi ge aya dua rupa Munggah Haji teh,Haji Majaji jeung Haji Hakeki.

Haji Majaji nyaeta anu bisa jarah ka Baetullah jeung ka Madinah.

Haji Hakeki nyaeta anu geus nganyahokeun kana hakekatna Baetullah jeung Rasulullah dina diri sorangan,karana Rasulullah teu pupus,upama pupus mah alam dunya ge moal aya,kapan geuning Kanjeng Gusti Syarif Hidayatullah oge tiasa tepang di jalan tarekat,jadi sanajan urang oge upama hayang jadi umat Rasulullah kudu bisa nyaho kana hakekatna Rasulullah nu kasebut Johar Awal tea,sing kapanggih jeung tarekatna lelebarannana tina para Wali.

NEURANGKEUN UMAT RASULULLAH

Ari umat Rasulullah teh haq-haqna mah ngan aya opat nyaeta :
-Sahabat Abu Bakar Sidiq,Radiallahu Anhu
-Sahabat Umar Bin Khatab,Radiallahu Anhu
-Sahabat Usman Bin Affan,Radiallahu Anhu
-Sahabat 'Ali Bin Abi Thalib,Karomullahu Wajhah

Sabab eta anu opat nu sagalung beurang peuting jeung Rasulullah,serta didamel Sahabat[utusannana Rasulullah],tapi ayeuna sarerea oge meureun terang yen eta Sahabat anu opat teh geus parupus majajina mah,tapi hakekatna mah teu pupus,aya di badan manusa,kapan Rasulullah oge hakekatna oge aya di manusa.

-Hakekat Abu Bakar nyaeta Paningal
-Hakekat Umar nyatana Pangdangu
-Hakekatna Usman nyatana Pangucap
-Hakekatna 'Ali nyatana Pangangseu

Eta Paningal-Pangdangu-Pangucap-Pangangseu teh gaib kabeh teu aya rupana,teh eta hakekatna Sahabat teh,anu matak eta Sahabat anu opat teh kudu nganyahokeun kana hakekat Kanjeng Nabi Muhammad SAW,jeung kudu jadi hiji sing bisa ngarasa babareungannana beurang peuting jeung Rasulullah.

Samangsa-mangsa geus teu ngarasa papisahna jeung Rasulullah,tetep jadi umatna.Tiap-tiap geus jadi umatna tangtu engke bakal disampurnakeunnana,didatangkeun ka Gusti Maha Suci[asalna],upama teu nyaho ayeuna mah ka Rasulullah sarta teu ngarasa ngahijina engkena oge pipisahan bae,nyawa urang moal salah deui tangtu balik deui ka dunya marakayangan jadi jurig,setan,siluman atawa nitis-manitis deui ka jalma atawa ka sato.

Samangsa-mangsa nyawa manusa balik deui ka dunya tetep bakal cilaka asup ka Naraka,engke dina Kiamatna ieu alam dunya,karana ayeuna nyawa-nyawa manusa anu marakayangan tgesna teu bisa balik ka Allah,ceuk basa ayeuna mah keur di Preventieif,aya di alam Barjah tunggu-tunggu Landraad,engke inget bakal aya landratan nu leuwih gede dina WalyaumailAkhiri[kiamat ieu alam dunya].

2 komentar: